Jentrekeun prak – prakkan ngaran
kaulinan ieu di handap sarta sebutkeun istilah – istilah
Anu biasa di pake dina eta kaulinan
!
1.Beklen
Béklen atawa béklen
nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di
jero imah atawa téras.
Palaturan
kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui. bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana.Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun dirawu deui. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung. kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea. mun keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk tea).

2. Damdaman
Damdaman nyaéta kaulinan anu maké mikir
lantaran butuh strategi sangkan buah daun urang teu béak dihakan ku buah dam
batur anu jadi lawan urang
3. Congklak
Congklak nyaéta
kaulinan maké papn kai dieusi kewuk.Geus aya lombang--lombangna 7, ngajajar. Di
hareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna.
Eta lombang teh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus
disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu
laleutik.
Cara maen na :
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gede minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki. Giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen eta. Nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea

4.Jajangkungan
Jajangkungan atawa
égrang nyaéta kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan.
5.
Gatrik
Gatrik nyaéta kaulinan
maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku
paneunggeul tina awi ogé.
6. Ucing Ucingan
Ucing ucingan nyaéta
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu
jadi ucing.
Palaturan :
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang.paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna.Budak anu kabagen jadi ucing kudu
Palaturan :
Ucing-ucingan biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang.paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna.Budak anu kabagen jadi ucing kudu
7. Anyang-anyangan
nyaéta kaulinan
nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung,
pasar,
jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé,
tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
Halma (tina basa Yunani, hartina "luncat") nyaéta kaulinan papan anu ditimukeun taun 1883 atawa 1884 ku George Howard Monks, ahli operasi pelastik Amérika di Harvard Medical School.[1] Kaulinan ieu nyokot inspirasi tina kaulinan Inggris nu disebut Hoppity.[1]
Halma mangrupa bagian tina alat tradisional anu cara maénkeunna ngan ku dua urang jeung tiap nu maénna masang 19 widak anu miboga warna nu sarua dina papan halma, dina posisi pahareup-hareup.[2] Saupama pamaénna saloba 4 urang mangka tiap pamaén dibekelan 13 widak anu ditempatkeun di unggal tungtung papan halma. [1] Tugas pamaén nya éta mindahkeun sakabéh widakna ka tempat anu di sebrangna. [1] Pamaén anu meunang undi ngamimitian maén ku cara ngajalankeun 1 widak. [1] Perlu diingetkeun yén widak séjén ngan sakur jalan jeung luncat dina 1 widak séjénna, boh widak sorangan atawa widak lawanna. [1] Ku kituna diperlukeun stratégi anu alus méh widakna bisa luncat loba sangkan nepi di daérah anu dituju. [1] Taya widak anu kaluar tina papan. Pamaén anu meunang nya éta pamaén anu kahontal mawa sakabéh widakna ka tempat anu dituju.
9.kasti
Kaulinan kasti nyaeta kaulinan anu ngalibatken dua kalompok anu sakalompokna teh aya leuwih ti 2 jalma, dina kaulinan kasti, perkalompok the
10.Panggal
Papanggalan (istilah lianna: panggal, gasing, gangsing), nyaéta kaulinan anu bisa muter dina sumbu sarta boga kasaimbangan dina hiji titik. Gasing mangrupa kaulinan pangkolotna anu kapanggih di sagala rupa loka arkeologi sarta masih bisa dipikawanoh. Sajaba ti mangrupa kaulinan barudak jeung jelema dewasa, gasing ogé dipaké pikeun ngadu sarta ngaramal nasib.
Kalolobaan gasing dijieun tina kai, sanajan mindeng ogé dijieun tina palastik, atawa bahan-bahan séjén. Kai diukir sarta dijieun nepi ka jadi bagian awak gasing. Tali gasing umumna dijieun tina nilon, sedengkeun tali gasing tradisional dijieun tina kulit tangkal. Panjang tali gasing béda-béda gumantung kana panjang leungeun jelema anu maénkeunana. thumb|Gasing ti Jepang Gerakan gasing dumasar éfék giroskopik. Gasing biasana muter rarampéolan pikeun sawatara waktu nepi ka interaksi bagian suku (paksi) kalawan permukaan taneuh nyieun manéhna ajeg. Sanggeus gasing muter ajeg pikeun samentara wayah, moméntum sudut sarta éfék giroskopik ngurangan saeutik demi saeutik nepi ka pamustunganana bagian awak terjatuh sacara garihal ka permukaan taneuh.
makasih infonya gan,,,
BalasHapusNuhun gan
BalasHapusMaen kalecin , bon bonan ,sareng ucing sumput
BalasHapus